Kamis, 07 Februari 2013

DIAJAR MATEMATIKA

     Nu ngaran matematika mah ku unggal murid sok dianggap pelajaran nu paling hese. Loba murid nganggap "hantu disiang hari" cenah. Matak teu sauetik budak sakola neangan akal kumaha carana supaya pelajaran matematika gampang asupna kana uteuk teh.
        Kabejakeun salah saurang guru keur ngajar matematika di kelas. Satekah polah nerangkeun ka murid-muridna supaya gancang katangkepna. Nya rupa-rupa geuning budak teh, aya nu tereh ngartina, aya nu kudu dituduh-tuduh wae, aya oge anu heseeeee pisan, alias teleb.
      Sabot keur ngabingbing sababaraha murid, si guru titatadi nalingakeun laku lampah salah saurang muridna nu diuk di bangku pang tukangna. Si murid titadi gawena ngan nyiduhan dampal leungeunna, tuluy dibalurkeun kana sirahna nu gundul. Kitu jeung kitu wae gawena meunang sababaraha kali mah. Tuluy ku guru di deukeutan, pok ditanya: "Na ari maneh titadi teh ngan ngusapan sirah kuciduh sorangan !" ceuk guru bari melong rada anteb.
         "Ambeh gancang asup, Pak !" ceuk si murid polos. 
       Puguh we guru ngahuleng meunang jawaban muridna samodel kitu teh. "Naha bet kitu, Jang?" tanya guru teu ngarti. " Muhun saur Emak tadi wengi ngaharewos ka si Bapak, mun hayang gancang asup mah ciduhan sirahna !" ceuk eta budak teu euleum-euleum. Atuh puguh we si guru kapiasem....
 


 











Rabu, 06 Februari 2013

 SIKAT INJUK  

        Mun di pilemburan mah nyeuseuhan teh sok di sisi walungan, dina luhur batu. Komo awewe mah, rek gadis atawa ibu-ibu di wahangan sok bari ngeueumkeu awak satengah taranjang. Pajarkeun teh lumayan cenah da sok bari ngala hurang. 
Kabejakeun aya budak leutik ngilu nyeuseuh jeung indungna. Biasa ngusey bari nagog, indung jeung anak pahareup-hareup. Keur kitu, indung si budak teh lunga-lengo aya nu diteangan. Ceuk indung budak "Nyai kadieukeun eta sikat !" pokna bari nyokot sikat injuk tina leungeun budakna bari satengah direbut "Tong ngaganggu atuh geura, keur sikat ngan hiji-hijina teh !" ucap indung budak rada ngagelendeng.
        Atuh puguh we budak teh jadi cicing da sieun dicarekan deui ku indungna. Sabot kitu budak teh ret kana handapeun bujur indungna nu keur diuk satengah rada nanggog. Ceuk eta budak "Geuning eta sikat hiji deui didiukan ku Mmak !" pokna bari ngajewang eta sikat. Puguh bae indung budak reuwas bari ngoceak, peureus kacida dirameus tur satengah dijenggut ku budak. Bari ambek teh hoak nyarekan: "Haram jadah siah, eta mah lain sikat... sayang manuk bapak siaaaa... !" pokna bari masih keneh cirembayan.
(Kintunan kang Yudhi)
















MINYAK WANGI

       Si nini ulin ka kota, asup ka gedung nu make lift. Cenah hayang tepung jeung incu di
lantai genep. Waktu lift nepi ka lantai ka 3, aya budak awewe meni geulis pisan asup kana lift bareng jeung si nini. Puguh ge si Gadis keur geulis teh meni sareungit ku minyak 
wangi. Ceuk si Nini: "Deuh... Neng meni seungit kieu!" pokna bari seuri. Tembong pipinan rada kemong.
      "Hemh.... puguh ge minyak Bulgary, Nini. pangaosna oge dua juta sabotol !" ceuk si Gadis bari rada nyombong. Mani agul tah si awewe nu geulis teh.
       Pas ka lantai ka opat, aya deui budak awewe asup kana lift, sarua keneh meni geulis paromanana. Kacamata nu dipakena pantes pisan, langsing bari jangkungan saeutik tinu awewe tadi. Sarua meni kaambeu minyak wangina seungit pisan. "Aduh... neng oge, meni seungit pisan kaangseuna ku Nini teh !" ceuk si Nini dibarengan ku seri, tembong kemong pipina.
       "Ohh.. atuh puguh we minyak Gucci, Nini. Pangaosna oge lima juta sabotol... !" cenah ceuk si Gadis anu kadua meni agul deui wae, sarua bari nyombongkeun maneh, tur hayang kapuji bari dicampuran ku lunggak lenggok sagala.
       Sanggeus nepi ka lantai ka genep, si Nini kaluar tina lift miheulaan sabab teu kuat hayang hitut. Teu katahan, pelepes ... tina lebah klep bujurna aya angin anu kaluar. Da teu bisa nahan angin nu nyedek kaluar teh. Atuh puguh we, ana peledek teh ... kaambeu bau kacida. Budak awewe nu gareulis ampi-ampiran kapiuhan, teu kuat lieur ngambeu hitut nu sakitu sangetna. "Duuuhhh ... Nini meni bau kieu ieu teh ?!!" Ceuk si gadis nu jangkung leutik mengpekan liang irungna.
       Ceuk si Nini bari kaluar: "CILEMBU, neng.... 20 rebu sakilo !!" pokna teu kireum-kireum jeung teu era-eraeun.



Selasa, 05 Februari 2013

DASAR KABAYAN

      
       Kabayan balik gawe ti sawah, dipapag ku nyi Iteung mere budi anu marahmay. Senyum mesra pertanda sukacita yang ruarrrr .... biasa, tak biasanya. Tuluy nyarita ka si Kabayan:
"Kang, Iteung geus telat sabulan, urang bakal boga orok geura !"
Kabayan: "Kade tong bebeja kasasaha, Teung.... bisi teu jadi, era !" ceuk Kabayan rada haharewosan.
       Poe isukna, nyi Iteung keur diuk dina golodog, di hareupeun imahna. Bari kituna teh ngabayang-bayangkeun bakal boga orok, tada teuing kang Kabayang bungaheunana. Keur anteng ngalamun, torojol aya pagawe PLN datang nyampeurkeun, pok nyarita:
Ceuk petugas ti PLN: "Bu..., ibu geus telat sabulan ayeuna !" cenah, nyaritana bari jiga nu eungap. Nyi Iteung kaget, tuluy malik nanya: "Ti mana bapa terang geus telat sabulan ?" tanyana bari kerung.
Petugas PLN: "Ieu yeuh... aya dina catetan PLN !"
"Haaaaahhhh ....maenya nepi ka aya dina catetan PLN sagala ???!" ceuk nyi Iteung beuki kaget wae.
       Isukna deui si Kabayan ngajorag ka kantor PLN, tuluy nyarekan ka petugas PLN nu aya."Kumaha ieu teh, naha bet bisa aya dina catetan PLN pamajikan kuring geus telat sabulan ?!" pokna bari rada molotot.
"Sabar, pak !" ceuk salah saurang petugas PLN nyoba meper kaambekna si Kabayan. "Mun bapa hoyong catetanana dipupus, nya bapa tinggal mayar ka PLN !"
"Mun dewek embung mayar ?!" tempas Kabayan muncereng.
"Nya kapaksa nu bapak ku kuring diputuskeun !" walon petugas deui teu eleh gancang nembalan.
"Nu gelo sugan, nu dewek rek diputuskeun ...? Lamun pamajikan diimah hayangeun, make naon ?"
"Nyaaaa... wayahna we make lilin, pa !"
Kabayan: "................ ???" ngahuleng





Minggu, 03 Februari 2013


J U R I G

       Budak leutik balik ngaji nyorangan. Imahna rada anggang ti Mandrasah. Jaba antara imah jeung madrasah ngaliwatan kebon anu paroek, hieum, jeung rada geueuman deuih. Tapi budak teh ludeung jeung wanian kituna mah, sanajan sawaktu-waktu aya oge kasieun dina hatena. 
       Barang nepi ka tempat anu anggang tea, si budak kacida reuwasna. Katingali di hareupeunana nenjo nu ngabelegbeg hideung, jangkung gede. Atuh puguh wae lian ti reuwas teh si Budak kaweur, jajantung ratug, biwir calawak teu bisa ngomong. Ngan dina hatena noroweco "boa-boa eta Jurig teh !". Keur kitu ras inget kana papatah ti indungna, lamun manggih kasieun kudu babacaan cenah. Puguh ge Budak satepak, diajar ngajina diejah keneh, can bisa nanaon, nu apal katalar ge kakara bisa do'a rek dahar. Kudu kumaha sangkan bisa ngusir jurig hareupeun, kitu pikirna.
       Teu talangke bari ngawani-wani maneh, sabab si Budak ngan nu apalna do'a rek dahar ....barabat we do'a eta dibacakeun bari rada tarik meueusan: "BISMILLAHIRROHMANIRROHIM.... ALLOHUMMA BARIQLANA... FIIMA ROZAQTANA, WAQINNA ADZA BANNAR...Amiiiinn " ucap si Budak bari ngusap beungeut.
        Barang ngadenge do'a dibaca ku budak tea, da teu tatapasini deui ... si Jurig ngabecir lumpat bari kukulutus: "Anjjjiiiiieerrrr ... kakara aing salila jadi Jurig rek didahar ku budak satepak !!"
Nepi ka imah si Budak alewoh ka indungna: "Nyaan Mmak Jurig teh sieuneun ku do'a ti ustad tea, nepi ka ngajerit." cenah ceuk si Budak.  Hehehe... nu puguh mah si Budak teu ngarti kukulutusna si Jurig atah adol teh.




Dongeng Cawokah ti Tatar Sunda
HAYAM PAEH
Budak leutik di pipir imah keur ceurik bari ngalamotan anak hayam nu geus paeh. Ceuk indungna nu karek balik ti sawah nyampeurkeun, "Nanaonan ari maneh Ujang, hayam geus paeh kitu dilamotan ?"
Si Ujang nembalan: "Haaaar ari ema... kapan ceuk ema !"
Indung si Ujang bari ngahuleng: "Teuing... ema mah teu nitah jeung teu ngomong kitu !"
Si Ujang: "Ari peuting geuning... ceuk Mmak nyarita ka Abah bari haharewosan...'bah, urang lamotan we nya bah, ambeh hirup deui', ... nya hayam Ujang ge dilamotan we ambeh hirup deui !"
Ceuk indungna nempas bari rada ngambek: "Belegug sia maneh mah...sugan aing mah maneh teh geus molor peuting teh !!!"
(Kiriman Kang Yudhi Bdg)


Sabtu, 02 Februari 2013

B O H L A M

Bu guru sedang tanya jawab dengan siswanya di kelas, di sebuah Taman Kanak-kanak yang tidak dikenal namanya. Tanya gurunya: "Coba anak-anak, sebutkan benda apa saja yang dapat dikulum !" Sejenak anak-anak diam berpikir untuk menjawab. Tiba-tiba seorang anak mengangkat tangan,
"Saya, bu !" teriak Amat penuh semangat.
"Ya, Amat... apa jawabanmu?" bu guru balik tanya.
"Permen, bu !" jawab Amat.
"Yach, bagus ! Ayo siapa lagi yang tahu ?!" lanjut bu guru mengalihkan perhatian ke anak lain.
"Dot bayi, bu !" ujar Tuti
"Sedotan, bu !"
"Iyyyaaa... bagus kamu Entis. Ada lagi yang tahu ?! kata bu guru menantang jawaban siswa. Semua anak terdiam, merenung berpikir: "apalagi benda yang dapat dikulum?". Keheningan mendadak sontak, karena tiba-tiba seorang anak berdiri dan berteriak menjawab: "Bohlam lampu, bu !" suaranya keras dan serius. Bu guru bingung: "Yuddd... kenapa bohlam ?" tanya guru ngga habis pikir.
"Habis... kata Mamah bilang sama Papah 'matikan lampunya biar nanti Mamah kulum !"
Bu guru terbengong-bengong
(Kiriman dari Yudhi)