Minggu, 03 Maret 2013

Carita ti Jurusan Kastrologi

Dongeng Zaman keur Ngastrol


     Sesepuh pasantren boga anak awewe geulis pisan. Santri lalaki mah kabeh ge euweuh nu teu ngabongroy ku kageulisan nyi Saleha teh. Keur geulis teh meni darehdeh, sopan, ka saha-saha oge teu weleh imut wae mun ditaros teh. Ari diantara santri aya nu nepi kagegeloan, ngan teu wani pok we lamun kudu terus terang aya hate naksir ka nyi Saleha mah. Isin ku Mama Kyai meureunan.
Hiji peuting Ki Santri aya karep hayang noong mandina nyi Saleha. Sakanyaho ki Santri nyi Saleha sok pang subuhna lamun ka jambanna teh. Tempat mandi nu sok biasa dipakena aya di tukangeun imah kyai, bari di luar kitu oge. Ari tampian ayana di luhureun balong, make parako awi bari rada carang entepanana teh. Cai ti luhur pasir dipalidkeun make pancuran, dipuragkeun dipake mandi jeung nyaian balong.
Peuting harita ngahaja ki Santri  teu sare, nunggu-nunggu hayang geura janari. Ninggang waktuna, ki Santri keketeyepan bari ngan ukur dikokolor wungkul. Nepi ka sisi balong deukeut pancuran kie Santri ancrub ka jero balong. Puguh we keur mah sisi gunung, cai meujeuhna tiis dibarung ku angin janari matak ngahodhod. Lain teu tiriseun kie Santri ge, ngan karep nu gede nepi ka nahan-nahan maneh sanajan tulang karasana linu. Kie Santri ngeueumkeun awakna, tuluy asup ka kolong parako tempat mandi tea. Rada lumayan lila ngeueumkeun awak bari ngan ukur sirah nu nyembul diluhureun cai.
Kulutrak sora panto kadenge aya nu ngalaan tulakna. Gebeg hate ki Santri bari nahan amekan, dina hatena geus nyangka pastilah nyi Saleha nu bakal kaluar. Remeng-remeng ti lawang aya nu kaluar, bari rurusuhan nuju ka tampian tempat mandi. Puguh we ki Santri nu harita aya handapeun parako tampian ngadedempes, nunggu naon nu saterusna bakal kaalaman ku manehna.
Nepi kana luhureun parako tempat mandi tea, awewe nu kaluar ti imah kyai tuluy nagog bari nyingsatkeun sampingna. Geus kitu.... werrrrr, cweswesss.... eta nu di sangka nyi Saleha teh ngompol. Lumayan rada lila, maklum sok biasa mun ngompol isuk mah rada lila. Puguh we ki Santri nu aya handapeun tampian teh peureum, nahan panasna cai nu murag meneran kana emun-emunan pisan. Ari rek neuleumkeun sirah sieun kanyahoan ku nu keur ngompol, kapaksa we panas bari bau nu teu pararuguh ge ditahan-tahan.
Ari geus mah ngompolna, kanyahoan lain nyi Saleha nu ngadon ka jamban teh, tapi indungna. Bu haji isteri kyai, sabab kanyahoan dehem jeung batukna. Bener-bener sial keur ki Santri.
(Punten sebatan nami, tempat, jst, mung fiksi wungkul. Diropea ku Kie Herman)

Jumat, 22 Februari 2013

SDN BINAWANGI HAURWANGI: Menyikapi Al-Fatihah - Lanjutan

SDN BINAWANGI HAURWANGI: Menyikapi Al-Fatihah - Lanjutan: Ayat Kedua الرحمن الرحيم      ا لرحمن                                                          الرحيم   arrahiimi                  ...

Menyikapi Al-Fatihah - Lanjutan

Ayat Kedua
الرحمن الرحيم  
 الرحمن                                                          الرحيم
  arrahiimi                                                              arrrah-maani
Yang Maha Penyayang                                                 Yang maha Pengasih

Maha pengasihnya Allah Subhanahu Wata'ala merupakan kenikmatan yang demikian luas dan banyak, hingga tidak mungkin terhitung. Firman-Nya dalam surat An-Nahl ayat 18 juz 14:
و إن تعقد وا  نقمته الله لا تحصوها  
Dan apabila kamu menghitung-hitung nikmat Allah, niscaya kamu tidak mungkin dapat menghitungnya
Pada surat Al-Kahfi ayat 109 disebutkan bahwa kalau saja air laut dijadikan tinta  untuk menuliskan nikmat/kurnia Allah, sebelum selesai mencatat tinta pun sudahlah habis.
Diantara Maha Penyayang dan Pengasihnya Allah SWT yang terbukti dengan nyata ialah rizki beraneka ragam berwujud materi yang berada di sekeliling kita. Ada rizki teramat besar dan mutlak pentingnya, seperti udara, air, dan cahaya. Adapula rizki kecil yang sering menjadi impian dan harapan setiap manusia yang mengejar kenikmatan duniawiyah. Rizki besar yang mutlak menjadi ikatan hidup, diberikan Allah yang Maha Rahman Rahim secara gratis, merata kepada semua makhluk hidup tiada yang dibeda-bedakan, baik antara rakyat jelata maupun pejabat, antara si kaya dan si miskin, atau antara konglomerat maupun konglomero. Apakah air, udara dan cahaya disebut rizki yang sangat besar dan mutlak sehingga diperlukan oleh manusia sampai diberikan tanpa dibeda-bedakan ?
Bila saja air ditiadakan oleh Allah SWT seminggu lamanya, sumur, kolam, telaga, sungai, dan laut semuanya kering, cobalah apa akibatnya? Andaikata udara yang kita hirup setiap hari dicabut dari alam dunia ini setengah hari saja, bagaimanakah yang akan kita alami? Contoh sederhana, bila sejumput rumput kita tutupi dengan mangkuk, kemudian kita angkat mangkuk yang menutupinya setelah sebulan kita biarkan, tampak rumput mati, warnanya kekuning-kuningan karena tidak terkena sinar matahari. Bagaimanakah bila kita tidak diberi cahaya matahari selama sebulan saja ?
Jadi jelaslah bila udara, air, dan cahaya dilenyapkan dapat berakibat mematikan makhluk hidup, sedangkan ketiga unsur itu sering disepelekan dan kadang dianggap tidak seberapa, malahan tidak sedikit pula dirusaknya, air bercapur polusi kimiawi dari pembuangan limbah pabrik, demikian halnya udara menjadi kotor dan bau.
Sedangkan bila rizki kecil dan sedikit seperti sandang, pangan, dan papan, yang membuat setiap orang berlomba-lomba mengejarnya, siang dibuat malam-malam dibuat siang, mati-matian mendapatkannya hingga kadang sudah tidak lagi mengingat batal-haram, dan menghalalkan segala cara untuk memperoleh harta benda sebanyak mungkin, teurtama oleh orang-orang yang telah mengidap penyakit materialisme, hedonisme, konsumenisme. Padahal kalau saja udara dicabut dan ditiadakan sejam lamanya pasti tidak akan bisa hidup sebab tidak ada penggantinya, tetapi bila kita tidak makan nasi seminggu tidak akan menyebabkan kematian sebab masih ada banyak penggantinya. Oleh karenanya bahwa nasi bukan sesuatu yang mutlak penting, sebab itu tergolong rizki kecil.
Kalau saja kita tidak memiliki rumah bak istana, tidak memiliki mobil mewah plus emas, berlian, dan kemewahan duniawiyah lainnya, bahkan sekalipun seumur hidup kita tidak memilikinya tidak perlu kecil hati sebab hal itu tidak akan menyebabkan lepasnya nyawa dari raga kita. Itulah tandanya rizki kecil.
Oleh karena rizki kecil itu tidak mutlak pentingnya, maka diberikan oleh Allah SWT  secara tidak merata, juga tidak akan ada dan datang dengan sendirinya, tetapi harus dengan ikhtiar. Allah telah memberikan syarat dan sarana secukup-cukupnya kepada semua umat manusia. Tinggal bagaimana kita, mau kerja keras, memeras akal, Insya Allah kita akan mendapatkan kasih sayang-Nya.
Memang sayangnya tidak setiap manusia mengerti mana rizki besar dan mana rizki kecil. Sampai pada orang-orang yang tipis iman dan sempit pemikirannya rizki yang diperebutkan tiada akhir itu hanyalah rizki kecil, tidak merasa diberi ni'mat yang paling penting oleh Yang Maha Pengasih lagi Maha Penyayang.

Selasa, 19 Februari 2013

DIAJAR SHALAT BERJAMA'AH


    Resep kacida mun ningali barudak leket ibadah teh, utamana dialajar shalat nu lima waktu. Sanajan sakapeung mah sok dicampuran ku bari ocon heureuy. Enya da geus umumna barudak rek dimana-dimana ge kitu kabiasaannana. Tong boroning dina kaulinan, najan keur dialajar shalat ge sok bari heureuy jeung guyon.
     Saperti di lembur kuring, lima urang budak ku guru ngajina dititah diajar shalat berjamaah. Salah saurang diantarana dititah jadi imam, nu lianna ngama'mum ditukangeunana. Nya kitu geuning ari nu ngaran barudak mah, dialajarna teh bari silih sered, silih siku, silih dupak, jeung sajabana ti kitu. Komo deui mun teu ditalingakeun, cacak-cacak ditungguan ku guruna tur dipapatahan, ehhh tetep we dicampuran ku bari hareureuy bae.
      Sabot keur ruku, si Kirdun nu jadi imam kopeahna murag. Tuluy ku si Kirdun kopeah teh dicokot heula, rap dipakekeun deui. Atuh puguh we ningali kalakuan kitu nu jadi imamna teh, ma'mum nu aya di tukangeunnana ting cilikitik nahan piseurian. Malah aya oge anu nepi ka seuri, sanajan dipengpekan ku ramona. Ceuk ma'mun nu saurang ngomong lalaunan ka baturna nu seuri: "Hah ... siah, maneh seuseurian, batal shalatna !" kitu cenah pokna.
Ari budak anu seuri tea kalahka nempas: "Ehhhh ... maneh teh tong ngomong ari keur shalat, batal eta oge!" kitu tembalna. 
Gigireun budak nu keur silih tempas malah nambahan ngilu nembal: "Heueuh ...silaing baratal shalatna oge da bari ngararomong, dewek we nu titadi teu ngomong-ngomong mah...!" kitu pokna bari jonjong nuturkeun imam nu geus sujud. 
Budak nu jadi ma'mum ka opat pang tuntungna, manehna mah kalah pindah tempat katukangeun nu tiluan. "Ahh ... dewek sieun kaganggu, embung ngomong aing mah !" pokna teh bari terus nurutan imam nu rek sujud kadua kalina.
Keur guntreng kitu, nu jadi imam rek sujud di hareup sukuna dicoco reungit, tuluy digaruk-garuk ku leungeun katuhuna. Waktu keur gagaro, suku imam teu ngahaja ngajejek sirah ma'mum nu aya ditukangeunana. Rada tarik oge kajejekna teh, da eta we nepi ka reuwaseun. Abong-abong budak, samaruk ari ngama'mum teh kudu silih jejek, atuh nu aya ditukangeun manehna teh dijejek deui.
Budak nu pangtukangna dijejek teh, ngalieuk ka tukang, euweuh sasaha. Teu tata pasini deui, jung nangtung, gidig ka hareup ngadeukeutan imam, bari pokna: "Kirdun aing teu kabagean ngajejek, ku dewek sirah maneh tah dijejek deui ... lunas nya?!" cenah, bari kituna teh berebet lumpat balik da sieun dibales.
(Carita ieu ngan ukur fiktif, diropea ku Kie Herman)

Senin, 18 Februari 2013

Pek Ngiluan Seuri


     Zaman baheula keur perang aya tilu pilot kasasab ka hiji lembur nu aya di tengahing leuweung geledegan, nu teuing dimana ayana. Alatanana, sabab kapal udara nu ditumpakannana katembak musuh, maranehna tiluan bisa salamet. Ngan salamet tina musibah kapal, ayeuna maraneh tiluan nyanghareupan bahaya nu sejen deui. Nyaeta jadi tawanan hiji kaom atawa suku di tengahing alas bandawasa. 
    Suku tengah alas boga kabiasaan keur ka tawanan urang luar atawa bangsa deungeun nu asup ka lemburna kudu dipateni. Harita ge tilu pilot geus dibarogod, dicangcang dina tangkal kai gede, nunggu isuk rek diistrenan dihukum pancung sina misah hulu jeung awakna. 
     Isukna pupuhu eta suku marentahkeun ka pangawalna supaya mawa tawanan ka hareupeun manehna. Sanggeus di hareupeunnana pok ngomong bari pepeta, nu kurang leuwih kieu omonganana: "Hey, maneh tliuanana ku kami bakal dipeuncit !" Atuh puguh bae eta tilu pilot teh ngadegdeg jeung soak rek dihukum teh. Nya salah saurang diantara nu tiluan ngawanikeun maneh ngomong sabisa-bisa sugan kahartieun: "Punten kulan, mun tiasa mah kuring dipasihan karinganan !" kitu pokna. Jigana rada kahartieun ku pupuhu eta suku teh, da katingali unggut-unggutan tanda ngarti,
     "Heug.... heug maraneh ku kami rek dibebaskeun!" cenah kituna teh tetep bari pepeta. Saterusna: "Tapi ... !" ngomongna bari semu nyentak "Asal maraneh kabeh kudu neangan bubuahan di leuweung ieu lima rupa anu sarua ka hareupeun kawula di jero waktu satengah poe !" cenah bari nembongkeun contona. Tilu pilot nu jadi tawanan teh ngarti kana naon nu dipikahayang ku pupuhu suku eta kampung tengah leuweung tea.
     Kocapkeun tilu tawanan dileupaskeun, tiluanana burber papisah kukurubutan ka jero leuweung. Aya nu ngaler, ngidul, jeung nu ngulon. Sok sanajan dibebaskeun barangteangan bubuahanan, tetep tiluanana ditalingakeun ku rahayat eta kampung padaleman teh, jadi hamo bisa kabur kamana oge.
     Tengah poe waktu nu geus dijangjikeun, salah saurang tawanan geus datang ka hareupeun Pupuhu Suku bari masrahkeun lima buah samangka nu sarua gede jeung warnana. Puguh we pupuhu atoheun, bari unggeuk-unggeukan, tuluy pokna: "Heueuh... syukur, syukur. Tapi...!" ngomongna eureun heula bari ngacungkeun curukna mere tanda, ".... anjeun can leupas tina hukuman pancung ti kuring!" pokna dibarengan ku sora nu bengis. "Anjeun bakal bebas lamun bisa neureuy buah ieu limaanana bari teu batuk-batuk acan !" omong satuluyna.
     Gebeg ngadenge kahayang pupuhu kampung kitu teh. Nya dalah dikumahakeun kudu sabisa-bisa we lamun hayang bebas mah. Kapaksa si tawanan nu ka hiji nurutkeun kahayang pupuhu tea. Nu mawa buah samangka tea nyoba neureuy hiji... lep, bles ... lek buah nu ka hiji bisa asup kabeh sanajan bari ulag-ileg, untung teu dibarengan ku batuk oge. Ngan palebah neureuy buah samangka nu kadua teu kuateun, nepi ka kaluar deui. Sapada harita keneh tawanan nu kahiji ngagelengceng sirahna dipancung.
     Tawanan nu kadua mah harita teh nyodorkeun buah dukuh lima siki. Tuluy pupuhu kampung padaleman marentahkeun sarua jeung tawanan ka nu mimiti tadi. Nya sapada harita tawanan nu kadua neureuyan hiji-hiji buah dukuh tea. Bus nu kahiji diwewelkeun kana bahamna, disusul nu kadua, katilu, kaopat, jeung nu kalima, meni lancar turta teu batuk saohek-ohek acan. Geus boga angkeuhan yen manehna nu bakal salamet tina hukuman. Tapi barang rek cengkat tos neureuy dukuh nu ka lima ... manehna ngareret ningali ka babaturannana nu katilu mamawa buah kadu lima, meni garede nakeranan. Atuh puguh we ngadadak seuri bari calawak... ngabayangkeun pisakumahaeun ileug-ileuganana neureuyan kadu lima nu sakitu garedena. Sabot keu calawak seuri .... dukuh nu geus asup kana genggerong kalaluar deui kabeh plak-plik-pluk. Kontan harita ditibanan hukuman nu sarua
Tong dituluykeun carita tawanan katilu mah, da geus bakal kanyahoan kumaha ahirna !
(Di dongengkeun deui ku Kie Herman tina Xshare) Caaaaaggggg ah !

Minggu, 17 Februari 2013

Si Kimin

     
     Si Kimin huluna gundul, meni herang pisan kasorot ku panonpoe teh. Katambah dina emun-emunannana benjol sagede endog puyuh, sarua herang.
"Ku naon sirah maneh benjol, Kimin ?" tanya guruna waktu keur diajar di sakolah
"Digetok ku bapak tadi wengi!" jawab si Kimin teu asa-asa. Bari kituna teh jongjon nulis.
"Naha, salah naon make digetok sagala ?!" tanya guruna deui hayang nyaho. Si Kimin eureun nulisna, pok ngajawab kieu:
"Nu mawi, pangna digetok teh !" Ceuk si Kimin eureun heula nyarita diselang ku ngarenghap sakeudeung, tuluy pokna deui: "Kan abdi mah sare teh masih keneh ngahiji di kamar ema jeung bapa. Ari tadi wengi basa keur peupeureuman tacan sare, pun bapa mareuman lampu kamar, tuluy nanya ka abdi: Min, ilaing geus sare ?." ceuk si Kimin eureun deui nyaritana. 
"Tuluy kumaha?" tanya guruna beuki hayang nyaho, kunaon pangna si Kimin benjol.
"Bapak nanyakeun can sare teh ku abdi teu ngawaler, cicing we ngadedempes pura-pura sare." Ceuk Kimin eureun deui wae nyaritana bari tuluy ngarenghap sakeudeung. "Ari tos kitu kadangu bapa nyarios ka si ema keiu, ema ... ma, geus sare si ujang teh, hayu atuh maa !" ereun deui si Kimin nyaritana. "Abdi heran bapa jeung ema rek kamarana, tapi abdi teh tetep ngahephep we da teu acan apal bade kamana-manana. Tos rada lami, bapa jeung emak jiga nu tos cape beberes haruhah ... harehoh... jiga anu bade angkat-angkatan tebih." ceuk si Kimin ngajelaskeun deui meni jentre sacerewelana.
"Tuluy ?!" tanya guruna deui beuki pogot.
"Teras kadangu deui bapak nyarios kieu, 'mak bapa rek kaluar yeuh.' Dijawab ku ema... 'ke sakedap deui atuh, urang sareng kaluarna' kitu kadanguna ku abdi teh !" jawab si Kimin teu asa-asa.
"Tuluy .... tuluy kumaha ?!" Atuh puguh we guruna beuki hayang nyaho carita si Kimin.
"Teras saur pun bapa teh 'nya hayu atuh urang sareng'. Nya puguh we abdi teh da sieun ditinggalkeun ku bapak jeung ema, nya abdi ngagorowok... 'Millluuuu Maaaakkkk.... ' kitu tah saur abdi teh !"
"Ohhhh kitu... pantes we silaing digetok ge !" ceuk guruna bari ngaleos.
 
    Ulah  Sok Nyusuan Bari Sare !
   Nyi Mimi urang Legoknyenang, kacamatan Rawabolenang, kabupaten Pasirbudug, balik ti Bandung. Harita rek balik ka lemburna teh naek beus, bari ngais anakna nu masih orok keneh. Diukna dina korsi panumpang nu rada panjang beulah tukang. Kabeneran panumpangna tacan pati loba.
     Sababaraha parapatan geus kaliwat. Kenek beus titadi gawena terus-terusan jojorowokan neangan calon panumpang. Meh unggal parapatan beus sok ngahaja eureun rada lila. Panumpang nu geus aya dijero meni geus keseleun hayang geura mangprung eta beus teh. Ngan dalah dikumahakeun da meureun mawa panumpang saeutik mah rugi nyetoranana oge. Nya kapaksa we nyabar-nyabar sorangan. Samalah budak nyi Mimi sabaraha kali koceak dengek, awahing ku geus hareudang bayeungyang di jero beus teh.
      Lila-lila mah, hiji dua panumpang nambahan oge. Bari maju lalaunan kenek terus nawaran: "Rawabolong, Cimanjur, Cikaranjang, Legokbisul .... !" ceuk kenek meni geus rada serak gogorowokan bae. Kacatur hiji panumpang asup naek, gek diuk gigireun nyi Mimi. "Nyaaaaaiiiii ... kosong di dieu ?" ceuk panumpang nu karak naek rada tawehwoh, maklum geus aki-aki, pipina kemong, kulitna pareyot, tapi ari sorot matana mah rada buringas keneh."Kosong, aki !" ceuk nyi Mimi bari ngised saeutik, merean jang diuk si aki.
      Beus teh beuki lila beuki narikan. Knek jempe ayeuna mah teu jojowokan. Samalah knek ngamimitian mapayan ongkos ka satiap panumpang. Nepi kana tempat diuk nyi Mimi, knek ngahudangkeun si Aki nu keur lelenggutan. Sanggeus mayar mah si Aki teh terus we nuluykeun nundutanana. Ari nyi Mimi jongjon ngipasan budakna ku tungtung pangais anu ngoprot ku kesang. Kaayan hawa di jero beus hareudang naker, gerah, jeung matak teu genah karasana. Tapi ari si Aki mah tibra we, kadang huluna gogorolongan ka kenca katuhu, nurutkeun mengkolna beus. Kadang milu nyampay dina taktak nyi Mimi nu diuk gigireunana. Kaayaan kitu teh pikeun budak mah malah jadi rungsing. Harita ge orok nyi Mimi uak-aek teu repeh.
     Kusiwel nyi Mimi ngaluarkeun barang tina jero kutangna, pel diantelkeun kana biwir orok. Jep wae harita keneh orok teh repeh, da dibebenjokeun ku ngagemol buah nu indungna. Lila-lila orok teh sare meni tibra, malah teu karasa nyi Mimi ge milu sare bari tetep nyusuan budakna. Kaayan kituna teh nyi Mimi teu sadar, eusi kutang jadi duanana mararuka. Maklum nu tibra sare meureunan ... buah kembarna nyingkab kabeh, cai susu sesa te kakenyot ku budak kabeh. Ari budakna mah geus leupas tina nyusuna.
     Geus rada lila kituna teh, nyi Mimi karek sadar kusabab kahudangkeun ku budakna anu ceurik deui. Tapi waktu rek nyusuan budakna, cai susu meni geus kempes duanana. Ari ret kagigireun si Akie teurab meni eueureuleuan "Eueu .... eueu !" sora si Aki teurab jiga nu tos seubeuh dahar. "Palangsiang, susu keur budak dikenyot meureun ku si Aki sabuat keur sare tibra tadi !" ceuk dina pikir nyi Mimi. Ari si Aki digigireun kalah ngabelenyeh seuri, tembong pipinana nu kempot jeung kulit beungeutna karijut! Eduuuun, gebleg, teu sudi susu aing laku ka aki-aki.... kitu cenah kukuluts nyi Mimi dina hate.