Sesepuh pasantren boga anak awewe geulis pisan. Santri lalaki mah kabeh ge euweuh nu teu ngabongroy ku kageulisan nyi Saleha teh. Keur geulis teh meni darehdeh, sopan, ka saha-saha oge teu weleh imut wae mun ditaros teh. Ari diantara santri aya nu nepi kagegeloan, ngan teu wani pok we lamun kudu terus terang aya hate naksir ka nyi Saleha mah. Isin ku Mama Kyai meureunan.
Hiji peuting Ki Santri aya karep hayang noong mandina nyi Saleha. Sakanyaho ki Santri nyi Saleha sok pang subuhna lamun ka jambanna teh. Tempat mandi nu sok biasa dipakena aya di tukangeun imah kyai, bari di luar kitu oge. Ari tampian ayana di luhureun balong, make parako awi bari rada carang entepanana teh. Cai ti luhur pasir dipalidkeun make pancuran, dipuragkeun dipake mandi jeung nyaian balong.

Peuting harita ngahaja ki Santri teu sare, nunggu-nunggu hayang geura janari. Ninggang waktuna, ki Santri keketeyepan bari ngan ukur dikokolor wungkul. Nepi ka sisi balong deukeut pancuran kie Santri ancrub ka jero balong. Puguh we keur mah sisi gunung, cai meujeuhna tiis dibarung ku angin janari matak ngahodhod. Lain teu tiriseun kie Santri ge, ngan karep nu gede nepi ka nahan-nahan maneh sanajan tulang karasana linu. Kie Santri ngeueumkeun awakna, tuluy asup ka kolong parako tempat mandi tea. Rada lumayan lila ngeueumkeun awak bari ngan ukur sirah nu nyembul diluhureun cai.
Kulutrak sora panto kadenge aya nu ngalaan tulakna. Gebeg hate ki Santri bari nahan amekan, dina hatena geus nyangka pastilah nyi Saleha nu bakal kaluar. Remeng-remeng ti lawang aya nu kaluar, bari rurusuhan nuju ka tampian tempat mandi. Puguh we ki Santri nu harita aya handapeun parako tampian ngadedempes, nunggu naon nu saterusna bakal kaalaman ku manehna.
Nepi kana luhureun parako tempat mandi tea, awewe nu kaluar ti imah kyai tuluy nagog bari nyingsatkeun sampingna. Geus kitu.... werrrrr, cweswesss.... eta nu di sangka nyi Saleha teh ngompol. Lumayan rada lila, maklum sok biasa mun ngompol isuk mah rada lila. Puguh we ki Santri nu aya handapeun tampian teh peureum, nahan panasna cai nu murag meneran kana emun-emunan pisan. Ari rek neuleumkeun sirah sieun kanyahoan ku nu keur ngompol, kapaksa we panas bari bau nu teu pararuguh ge ditahan-tahan.
Ari geus mah ngompolna, kanyahoan lain nyi Saleha nu ngadon ka jamban teh, tapi indungna. Bu haji isteri kyai, sabab kanyahoan dehem jeung batukna. Bener-bener sial keur ki Santri.
(Punten sebatan nami, tempat, jst, mung fiksi wungkul. Diropea ku Kie Herman)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar