DASAR KABAYAN
Kabayan balik gawe ti sawah, dipapag ku nyi Iteung mere budi anu marahmay. Senyum mesra pertanda sukacita yang ruarrrr .... biasa, tak biasanya. Tuluy nyarita ka si Kabayan:
"Kang, Iteung geus telat sabulan, urang bakal boga orok geura !"
Kabayan: "Kade tong bebeja kasasaha, Teung.... bisi teu jadi, era !" ceuk Kabayan rada haharewosan.
Poe isukna, nyi Iteung keur diuk dina golodog, di hareupeun imahna. Bari kituna teh ngabayang-bayangkeun bakal boga orok, tada teuing kang Kabayang bungaheunana. Keur anteng ngalamun, torojol aya pagawe PLN datang nyampeurkeun, pok nyarita:
Ceuk petugas ti PLN: "Bu..., ibu geus telat sabulan ayeuna !" cenah, nyaritana bari jiga nu eungap. Nyi Iteung kaget, tuluy malik nanya: "Ti mana bapa terang geus telat sabulan ?" tanyana bari kerung.
Petugas PLN: "Ieu yeuh... aya dina catetan PLN !"
"Haaaaahhhh ....maenya nepi ka aya dina catetan PLN sagala ???!" ceuk nyi Iteung beuki kaget wae.
Isukna deui si Kabayan ngajorag ka kantor PLN, tuluy nyarekan ka petugas PLN nu aya."Kumaha ieu teh, naha bet bisa aya dina catetan PLN pamajikan kuring geus telat sabulan ?!" pokna bari rada molotot.
"Sabar, pak !" ceuk salah saurang petugas PLN nyoba meper kaambekna si Kabayan. "Mun bapa hoyong catetanana dipupus, nya bapa tinggal mayar ka PLN !"
"Mun dewek embung mayar ?!" tempas Kabayan muncereng.
"Nya kapaksa nu bapak ku kuring diputuskeun !" walon petugas deui teu eleh gancang nembalan.
"Nu gelo sugan, nu dewek rek diputuskeun ...? Lamun pamajikan diimah hayangeun, make naon ?"
"Nyaaaa... wayahna we make lilin, pa !"
Kabayan: "................ ???" ngahuleng
Tidak ada komentar:
Posting Komentar