DIAJAR MATEMATIKA
Nu ngaran matematika mah ku unggal murid sok dianggap pelajaran nu paling hese. Loba murid nganggap "hantu disiang hari" cenah. Matak teu sauetik budak sakola neangan akal kumaha carana supaya pelajaran matematika gampang asupna kana uteuk teh.
Kabejakeun salah saurang guru keur ngajar matematika di kelas. Satekah polah nerangkeun ka murid-muridna supaya gancang katangkepna. Nya rupa-rupa geuning budak teh, aya nu tereh ngartina, aya nu kudu dituduh-tuduh wae, aya oge anu heseeeee pisan, alias teleb.
Sabot keur ngabingbing sababaraha murid, si guru titatadi nalingakeun laku lampah salah saurang muridna nu diuk di bangku pang tukangna. Si murid titadi gawena ngan nyiduhan dampal leungeunna, tuluy dibalurkeun kana sirahna nu gundul. Kitu jeung kitu wae gawena meunang sababaraha kali mah. Tuluy ku guru di deukeutan, pok ditanya: "Na ari maneh titadi teh ngan ngusapan sirah kuciduh sorangan !" ceuk guru bari melong rada anteb.
"Ambeh gancang asup, Pak !" ceuk si murid polos.
Puguh we guru ngahuleng meunang jawaban muridna samodel kitu teh. "Naha bet kitu, Jang?" tanya guru teu ngarti. " Muhun saur Emak tadi wengi ngaharewos ka si Bapak, mun hayang gancang asup mah ciduhan sirahna !" ceuk eta budak teu euleum-euleum. Atuh puguh we si guru kapiasem....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar