Sabtu, 09 Februari 2013



ULAH TATAEKAN

       Kabiasaan keur budak sok resep tataekan. Boh kana tangkal bubuahan, rambutan, manggah, jeung rea-rea deui. Naha ngahaja rek ngala bubuhanana atawa sakadar resep ngadon ucing-ucingan jeung babaturan ulin.
        Kacaritakeun nyi Munu anakna Ceu Bakekok keur ulin jeung sasamana. Nyi Munu anu karak umur lima tahunan geus pinter kana tuak-taek tatangkalan di pipir imahna. Sakalacat-sakalacat we lamun naek teh. Ngan abong-abong budak keneh, kabiasaan ulinna sok bubuligir. Tapi da geus jadi kabiasaan mun naek kana tangkal teh sok bari bubulucun. Harita ge nyi Munu teu dibaju-baju acan keur naekan tangkal gedang nu aya di pipir imahna. Puguh we matak hariwang anu nenjo, kumaha lamun nyorosod, sabab tangkal gedang mah leueur mun ditaekan teh. Kabeneran keur di luhur keneh katingalieun ku pa Haji anu karek balik ti masjid. "Aduh, nyai turun... montong tataekan kitu !" ceuk pa haji bari ngagupayan nitah turun. 
       "Turun, nyai... astagfirullohal adziem, jaba teu dicalana-calana acan maneh teh !" sakali deui pa haji nitah turun ka nyi Munu anu kalahka semu ngahajakeun. Lila-lila mah nyi Munu turun oge tina tangkal gedang bari rada disorosodkeun turunna. Kusiwel kana saku kampretna pak haji ngaluarkeun duit 10 rebu, song diasongkeun ka nyi Munu bari pokna "Yeuh meuli calana kadituh !" 
       Kaayaan kitu teh katingalieun ku Ceu Bakekok, indungna nyi Munu. "Aduhhhh, anak aing naek kana tangkal gedang teu dicalana dibere duit 10 rebu. Mun seug aing naek... pasti haji teh mere 100 rebu jigana !" kitu dina pikir ceu Bakekok harita.
       Ceu bakekok teh randa ngora nu bahenol keneh, ngan rada gering pikiranana sanggeus ditinggalkeun ku salakina anu kawin deui. Harita ti subuh keneh, ceu bakekok teh geus aya diluhureun tangkal gedang bari bulucun, teu dibaju salambar-lambar acan. Geus kesel nepi ka bray beurang nungguan pak haji liwat balik ti masjid can mulang keneh. 
       Rentang-rentang rada jauh, pak haji katingali leumpang sorangan. Barang nepi ka deukeut tangkal gedang. ret kaluhur: "Astagfirulloh ... astagfirulloh, astagfirulloh !" ucap pak haji bari ngusap beungeut. Tapi kituna teh bari ret deui bae ka luhur, pokna: "Aduh nyai... turun maneh teh !" kitu ceuk pa haji gugupay nitah turun ka ceu bakekok. Teu talangke nyi Bakekok turun satengah nyorosodkeun awakna. Sanajan rada peureus meueusan ge maksakeun da boga kayakinan pa haji rek mere duit gede.
       Sanggeus ceu bakekok aya di handap, pa haji kadak-kodok kana saku kampretna. Rada lila oge kituna teh, meureun keur milihan duit dina jero sakuna. "Haaahhhh ... pasti pa haji keur milihan nu saratus rebuan jigana !" ceuk nyi bakekok dina hatena ujub. Nyaan bae pak haji ngasongkeun duit bari pokna "Yeuh ... beulikeun kana silet !!" ceuk pa haji bari ngasongkeun duit sarebu nu geus belel. Nyi bakekok ngahuleng ngadenge panitah pa haji kitu teh ... duka teuing naon maksudna nitah meuli silet sagala.
(Diropea ku Akie Herman)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar