Dongeng Cawokah ti Tatar Sunda
HAYAM PAEH
Budak leutik di pipir imah keur ceurik bari ngalamotan anak hayam nu geus paeh. Ceuk indungna nu karek balik ti sawah nyampeurkeun, "Nanaonan ari maneh Ujang, hayam geus paeh kitu dilamotan ?"Si Ujang nembalan: "Haaaar ari ema... kapan ceuk ema !"
Indung si Ujang bari ngahuleng: "Teuing... ema mah teu nitah jeung teu ngomong kitu !"
Si Ujang: "Ari peuting geuning... ceuk Mmak nyarita ka Abah bari haharewosan...'bah, urang lamotan we nya bah, ambeh hirup deui', ... nya hayam Ujang ge dilamotan we ambeh hirup deui !"
Ceuk indungna nempas bari rada ngambek: "Belegug sia maneh mah...sugan aing mah maneh teh geus molor peuting teh !!!"
(Kiriman Kang Yudhi Bdg)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar