Si Kimin
Si Kimin huluna gundul, meni herang pisan kasorot ku panonpoe teh. Katambah dina emun-emunannana benjol sagede endog puyuh, sarua herang.
"Ku naon sirah maneh benjol, Kimin ?" tanya guruna waktu keur diajar di sakolah
"Digetok ku bapak tadi wengi!" jawab si Kimin teu asa-asa. Bari kituna teh jongjon nulis.
"Naha, salah naon make digetok sagala ?!" tanya guruna deui hayang nyaho. Si Kimin eureun nulisna, pok ngajawab kieu:
"Nu mawi, pangna digetok teh !" Ceuk si Kimin eureun heula nyarita diselang ku ngarenghap sakeudeung, tuluy pokna deui: "Kan abdi mah sare teh masih keneh ngahiji di kamar ema jeung bapa. Ari tadi wengi basa keur peupeureuman tacan sare, pun bapa mareuman lampu kamar, tuluy nanya ka abdi: Min, ilaing geus sare ?." ceuk si Kimin eureun deui nyaritana.
"Tuluy kumaha?" tanya guruna beuki hayang nyaho, kunaon pangna si Kimin benjol.
"Bapak nanyakeun can sare teh ku abdi teu ngawaler, cicing we ngadedempes pura-pura sare." Ceuk Kimin eureun deui wae nyaritana bari tuluy ngarenghap sakeudeung. "Ari tos kitu kadangu bapa nyarios ka si ema keiu, ema ... ma, geus sare si ujang teh, hayu atuh maa !" ereun deui si Kimin nyaritana. "Abdi heran bapa jeung ema rek kamarana, tapi abdi teh tetep ngahephep we da teu acan apal bade kamana-manana. Tos rada lami, bapa jeung emak jiga nu tos cape beberes haruhah ... harehoh... jiga anu bade angkat-angkatan tebih." ceuk si Kimin ngajelaskeun deui meni jentre sacerewelana.
"Tuluy ?!" tanya guruna deui beuki pogot.
"Teras kadangu deui bapak nyarios kieu, 'mak bapa rek kaluar yeuh.' Dijawab ku ema... 'ke sakedap deui atuh, urang sareng kaluarna' kitu kadanguna ku abdi teh !" jawab si Kimin teu asa-asa.
"Tuluy .... tuluy kumaha ?!" Atuh puguh we guruna beuki hayang nyaho carita si Kimin.
"Teras saur pun bapa teh 'nya hayu atuh urang sareng'. Nya puguh we abdi teh da sieun ditinggalkeun ku bapak jeung ema, nya abdi ngagorowok... 'Millluuuu Maaaakkkk.... ' kitu tah saur abdi teh !"
"Ohhhh kitu... pantes we silaing digetok ge !" ceuk guruna bari ngaleos.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar