Rabu, 06 Februari 2013



MINYAK WANGI

       Si nini ulin ka kota, asup ka gedung nu make lift. Cenah hayang tepung jeung incu di
lantai genep. Waktu lift nepi ka lantai ka 3, aya budak awewe meni geulis pisan asup kana lift bareng jeung si nini. Puguh ge si Gadis keur geulis teh meni sareungit ku minyak 
wangi. Ceuk si Nini: "Deuh... Neng meni seungit kieu!" pokna bari seuri. Tembong pipinan rada kemong.
      "Hemh.... puguh ge minyak Bulgary, Nini. pangaosna oge dua juta sabotol !" ceuk si Gadis bari rada nyombong. Mani agul tah si awewe nu geulis teh.
       Pas ka lantai ka opat, aya deui budak awewe asup kana lift, sarua keneh meni geulis paromanana. Kacamata nu dipakena pantes pisan, langsing bari jangkungan saeutik tinu awewe tadi. Sarua meni kaambeu minyak wangina seungit pisan. "Aduh... neng oge, meni seungit pisan kaangseuna ku Nini teh !" ceuk si Nini dibarengan ku seri, tembong kemong pipina.
       "Ohh.. atuh puguh we minyak Gucci, Nini. Pangaosna oge lima juta sabotol... !" cenah ceuk si Gadis anu kadua meni agul deui wae, sarua bari nyombongkeun maneh, tur hayang kapuji bari dicampuran ku lunggak lenggok sagala.
       Sanggeus nepi ka lantai ka genep, si Nini kaluar tina lift miheulaan sabab teu kuat hayang hitut. Teu katahan, pelepes ... tina lebah klep bujurna aya angin anu kaluar. Da teu bisa nahan angin nu nyedek kaluar teh. Atuh puguh we, ana peledek teh ... kaambeu bau kacida. Budak awewe nu gareulis ampi-ampiran kapiuhan, teu kuat lieur ngambeu hitut nu sakitu sangetna. "Duuuhhh ... Nini meni bau kieu ieu teh ?!!" Ceuk si gadis nu jangkung leutik mengpekan liang irungna.
       Ceuk si Nini bari kaluar: "CILEMBU, neng.... 20 rebu sakilo !!" pokna teu kireum-kireum jeung teu era-eraeun.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar