
J U R I G
Budak leutik balik ngaji nyorangan. Imahna rada anggang ti Mandrasah. Jaba antara imah jeung madrasah ngaliwatan kebon anu paroek, hieum, jeung rada geueuman deuih. Tapi budak teh ludeung jeung wanian kituna mah, sanajan sawaktu-waktu aya oge kasieun dina hatena.
Barang nepi ka tempat anu anggang tea, si budak kacida reuwasna. Katingali di hareupeunana nenjo nu ngabelegbeg hideung, jangkung gede. Atuh puguh wae lian ti reuwas teh si Budak kaweur, jajantung ratug, biwir calawak teu bisa ngomong. Ngan dina hatena noroweco "boa-boa eta Jurig teh !". Keur kitu ras inget kana papatah ti indungna, lamun manggih kasieun kudu babacaan cenah. Puguh ge Budak satepak, diajar ngajina diejah keneh, can bisa nanaon, nu apal katalar ge kakara bisa do'a rek dahar. Kudu kumaha sangkan bisa ngusir jurig hareupeun, kitu pikirna.
Teu talangke bari ngawani-wani maneh, sabab si Budak ngan nu apalna do'a rek dahar ....barabat we do'a eta dibacakeun bari rada tarik meueusan: "BISMILLAHIRROHMANIRROHIM.... ALLOHUMMA BARIQLANA... FIIMA ROZAQTANA, WAQINNA ADZA BANNAR...Amiiiinn " ucap si Budak bari ngusap beungeut.

Barang ngadenge do'a dibaca ku budak tea, da teu tatapasini deui ... si Jurig ngabecir lumpat bari kukulutus: "Anjjjiiiiieerrrr ... kakara aing salila jadi Jurig rek didahar ku budak satepak !!"
Nepi ka imah si Budak alewoh ka indungna: "Nyaan Mmak Jurig teh sieuneun ku do'a ti ustad tea, nepi ka ngajerit." cenah ceuk si Budak. Hehehe... nu puguh mah si Budak teu ngarti kukulutusna si Jurig atah adol teh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar