
Zaman baheula keur perang aya tilu pilot kasasab ka hiji lembur nu aya di tengahing leuweung geledegan, nu teuing dimana ayana. Alatanana, sabab kapal udara nu ditumpakannana katembak musuh, maranehna tiluan bisa salamet. Ngan salamet tina musibah kapal, ayeuna maraneh tiluan nyanghareupan bahaya nu sejen deui. Nyaeta jadi tawanan hiji kaom atawa suku di tengahing alas bandawasa.
Suku tengah alas boga kabiasaan keur ka tawanan urang luar atawa bangsa deungeun nu asup ka lemburna kudu dipateni. Harita ge tilu pilot geus dibarogod, dicangcang dina tangkal kai gede, nunggu isuk rek diistrenan dihukum pancung sina misah hulu jeung awakna.
Isukna pupuhu eta suku marentahkeun ka pangawalna supaya mawa tawanan ka hareupeun manehna. Sanggeus di hareupeunnana pok ngomong bari pepeta, nu kurang leuwih kieu omonganana: "Hey, maneh tliuanana ku kami bakal dipeuncit !" Atuh puguh bae eta tilu pilot teh ngadegdeg jeung soak rek dihukum teh. Nya salah saurang diantara nu tiluan ngawanikeun maneh ngomong sabisa-bisa sugan kahartieun: "Punten kulan, mun tiasa mah kuring dipasihan karinganan !" kitu pokna. Jigana rada kahartieun ku pupuhu eta suku teh, da katingali unggut-unggutan tanda ngarti,
"Heug.... heug maraneh ku kami rek dibebaskeun!" cenah kituna teh tetep bari pepeta. Saterusna: "Tapi ... !" ngomongna bari semu nyentak "Asal maraneh kabeh kudu neangan bubuahan di leuweung ieu lima rupa anu sarua ka hareupeun kawula di jero waktu satengah poe !" cenah bari nembongkeun contona. Tilu pilot nu jadi tawanan teh ngarti kana naon nu dipikahayang ku pupuhu suku eta kampung tengah leuweung tea.
Kocapkeun tilu tawanan dileupaskeun, tiluanana burber papisah kukurubutan ka jero leuweung. Aya nu ngaler, ngidul, jeung nu ngulon. Sok sanajan dibebaskeun barangteangan bubuahanan, tetep tiluanana ditalingakeun ku rahayat eta kampung padaleman teh, jadi hamo bisa kabur kamana oge.
Tengah poe waktu nu geus dijangjikeun, salah saurang tawanan geus datang ka hareupeun Pupuhu Suku bari masrahkeun lima buah samangka nu sarua gede jeung warnana. Puguh we pupuhu atoheun, bari unggeuk-unggeukan, tuluy pokna: "Heueuh... syukur, syukur. Tapi...!" ngomongna eureun heula bari ngacungkeun curukna mere tanda, ".... anjeun can leupas tina hukuman pancung ti kuring!" pokna dibarengan ku sora nu bengis. "Anjeun bakal bebas lamun bisa neureuy buah ieu limaanana bari teu batuk-batuk acan !" omong satuluyna.
Gebeg ngadenge kahayang pupuhu kampung kitu teh. Nya dalah dikumahakeun kudu sabisa-bisa we lamun hayang bebas mah. Kapaksa si tawanan nu ka hiji nurutkeun kahayang pupuhu tea. Nu mawa buah samangka tea nyoba neureuy hiji... lep, bles ... lek buah nu ka hiji bisa asup kabeh sanajan bari ulag-ileg, untung teu dibarengan ku batuk oge. Ngan palebah neureuy buah samangka nu kadua teu kuateun, nepi ka kaluar deui. Sapada harita keneh tawanan nu kahiji ngagelengceng sirahna dipancung.
Tawanan nu kadua mah harita teh nyodorkeun buah dukuh lima siki. Tuluy pupuhu kampung padaleman marentahkeun sarua jeung tawanan ka nu mimiti tadi. Nya sapada harita tawanan nu kadua neureuyan hiji-hiji buah dukuh tea. Bus nu kahiji diwewelkeun kana bahamna, disusul nu kadua, katilu, kaopat, jeung nu kalima, meni lancar turta teu batuk saohek-ohek acan. Geus boga angkeuhan yen manehna nu bakal salamet tina hukuman. Tapi barang rek cengkat tos neureuy dukuh nu ka lima ... manehna ngareret ningali ka babaturannana nu katilu mamawa buah kadu lima, meni garede nakeranan. Atuh puguh we ngadadak seuri bari calawak... ngabayangkeun pisakumahaeun ileug-ileuganana neureuyan kadu lima nu sakitu garedena. Sabot keu calawak seuri .... dukuh nu geus asup kana genggerong kalaluar deui kabeh plak-plik-pluk. Kontan harita ditibanan hukuman nu sarua
Tong dituluykeun carita tawanan katilu mah, da geus bakal kanyahoan kumaha ahirna !
(Di dongengkeun deui ku Kie Herman tina Xshare) Caaaaaggggg ah !
Tong dituluykeun carita tawanan katilu mah, da geus bakal kanyahoan kumaha ahirna !
(Di dongengkeun deui ku Kie Herman tina Xshare) Caaaaaggggg ah !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar